Baluweng
Duuuh peurih rasana
Beubeureuh mungkas deudeuhna
Naha naon kasalahan diri
Anjeun kacida kuluas geuning kaasih dipungkas
Asa tungkeb bumi alam
Duuuh raheut gudawang asa diteungteuinganan
Anjeun sakiceup mere harepan
Nu puguh mah ngageringan gering hate papanjangan
Naon piubareun nana
Ret kalangit bentang ngadadak laleungit
Komo bulan taya embol nembongan
Taya pikeun piubareun
Ubar hate nu baluweng
Duuuh hate baluweng
Duuuh raheut gudawang asa diteungteuinganan
Anjeun sakiceup mere harepan
Nu puguh mah ngageringan gering hate papanjangan
Naon piubareun nana
Ret kalangit bentang ngadadak laleungit
Komo bulan taya embol nembongan
Taya pikeun piubareun
Ubar hate nu baluweng
Duuuuh hate baluweng